DRAMA PENGGURAN
BABAK 1
Kacaritakeun di hiji Desa aya hiji pamuda nyaeta si Kabayan anu bogoheun ka si Iteung tapi bapana si Iteung teu satujueun, lantaran si Kabayan jalma pangangguran anu pagaweannana teh ngan bisa ngusep we jeung ngusep. Dina hiji poe si Kabayan keur ngusep di sisi balong bari nafakuran nasibna jeung kaayaan nana jeung si Iteung.
Kabayan : “Euleuh-euleuh geuning kieu nyak jadi pangangguran mah pagawean teh ngan ngusep we jeung moyan, cep... cep... cep..., jadi inget ka Nyi Iteung. Iteung-Iteung naha maneh teh meuni geulis-geulis teuing, Iteung kau bagaikan mutiara dalam hatiku, ti mimiti buuk ketombemu nepika dampal suku roromeheunmu sagalan meuni sampurna”.
Katma : “Kabayan ari maneh keur naon maneh? Ngusep bari ngomong sorangan kawas nu gelo!”.
Kabayan : “Heueuh aing teh lieur mikiran Nyi Iteung, ari Nyi Iteungna geus daekaeun ka urang, tapi si Abahna teu satujueun”.
Katma : “Ituh ciga Nyi Iteung kadieu! Kabayan urang kaditu heula deuk neangan heula si Rukma!”.
(Iteung datang)
Iteung : “Kang Kabayan, Naha ari akang tos teu cinta deui ka Nyai? Meuni tara dongkap wae ka bumi”.
Kabayan : “Nyi Iteung, Akang sanes teu cinta ka Nyai tapi Akang isin ku Abah. Da Akang mah cinta pisan ka Nyai, gunung tinggi kan kudaki, lautan luas kan ku sebrangi, kan ku kejar kamenapun kau pergi, hanya untuk mengatakan “PUNTEN ETA SENDAL PAHILI SARENG NU ABDI!”.
Iteung : “Hayu atuh hoyong ka gunung mah!.”
(Kabayan di bawa ku Iteung)
BABAK 2
Romlah : “Kang Rukma naha ari Kang Rukma tos teu cinta deui ka abdi!”.
Rukma : “Siapa bilang? Nyi Romlah teh sagalana keur Akang , tuh pabrik garmen, pabrik semen, deler motor teh nu saha? Itu teh nu batur lamun anu akang mah di pasihkeun ku akang ka nyai”.
Romlah : “Mana buktina Akang cinta pisan ka Nyai!”.
Rukma : [Bari dongko mere kemang] “Yeh buktina, ku persembahakan sekuntum bunga untukmu”. [Romlah gegeeran]
Katma : “Euleuh-euleuh !!! kalah bobogohan didieu, tatadi urang kukurilingan neangan maneh di toko asin, di tukang kineng, teu ka panggih wae, ari ten teh kalah bobogohan didieu”.
Rukma : “Dek naon maneh neangan urang di toko asin jeung di tukang kineung, emangna urang teh naon? Lamun ceuk anu ngomongkeun mah urang teh ari kasep mah heunteu ngan manis wungkul!”.
Katma : “Meuli mimis ngan sakeudeung, ma enya anu manis hideung”.
Romlah : “Tong kitu atuh Akang, da kitu-kitu oge kabogoh Abdi!”.
Katma : “Engges ah..., hayu ka si Kabayan urang angges keun masalahna jeung Abah.”
(Rukma, Katma, Jeung Romlah indit neangan Kabayan)
BABAK 3
Kabayan : [Kabayan jeung Iteung bari gandengan tangan] “Mun teu lepat didieu nya mimiti Akang jadian jeung Nyai”.
Iteung : “Muhun Kang”.
(Datang Abah)
Abah : “Astaghfirullah .... Iteung ... ari maneh keur naon? Balik ngaji lain ka imah kalah ulin jeung si borokokok ieu. Kabayan ari maneh wawanian keneh nga heureuyan anak aing!”.
Kabayan : “Da.... kumaha atuh Abah Abdi teh bogoh”.
Abah : “Naon sia hayang ka anak aing, yeuh dengekeun ku silaing, maneh teh teu pantes ka anak dewek, keur mah begung, hideung, euweuh ka gableg, pangangguran hirup deuih. Yeuh dengekeun ku sia, ari anak aing deuk paraban naon ku sia, nya deuk di paraban ku cacing. Hayu Iteung balik ka imah”.
Kabayan : “Nyi Iteung ...!”
Iteung : “Kang Kabayan ...!”
Kabayan : “Nyi Iteung ...!”
Iteung : “Kang Kabayan ...!”
Abah : “Ganeng sia”.[Plak-Plak] (Kabayan di teunggeul ku Abah)
(Katma, Rukma jeung Romlah datang)
Katma : “ke ke ke ... Abah sanes kieu jalana, upami Abah teu satuju Kabayan ka Nyi Iteung, Abah teh salaku kolot tong kieu carana, da Kabayan pameget, Nyi Iteung isteri, panginten tos aya jodona ari masalah jodo, pati, bagja jeung cilaka eta mah rahasia pangeran, rizki mah moal weuleh aya asal uarngna milarian!”.
Rukma : “Leres Abah, sok pikiran ku Abah kumaha lamun ieu ninggang ka Abah”.
Abah : “Heueuh, aing teh sadar ayeuna mah sok Kabayan ari silaing hayang ka anak aing mah, ayeuna silaing ku dewek di satujuan ngan awas lamun maneh nganyeri hatekeun jeung nyangsarakeun anak aing.”
Kabayan : “Leres, ieu teh Abah Insya Allah kuring rek nga bungahkeun hate Nyi Iteung. Asiiiiiiiiik katma, Rukma ayeuna kuring di satujuan ku Abah. Asiiiiiiiiiiiiiik kawin dah!!!!!!!”.
Akhirna si Kabayan di satujuan ku Abah lantaran si Kabayan janji rek ngabungahkeun Nyi Iteung. Ku sabab kitu najan urang pangangguran lamun urang berusaha pasti moal nganggur lantaran anu nangtukeun mah da Allh SWT.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar